Sampurasun,
Hoyong tiasa ngetik aksara sunda dina Leptop? tong hariwang, jaman kiwari parantos aya Font Aksara Sunda Baku Unicode tiasa gampil di Instal dina Leptop sewang-sewangan.
tiasa di download di dieu :
http://berita95.blogspot.com/2012/09/download-font-aksara-sunda-unicode-for.html
Sumangga Dipilih
Minggu, 07 April 2013
Rabu, 03 April 2013
Naskah Biantara
Dina Raraga Diskusi
Budaya
Ku : Ahmad Rijal
Nasrullah
180210120025
Assalamu’alaikum.wr.wb
Bismillah Fardu
Milampah ka Allah nu Maha Welas Asih, pangeran nu murbeng Alam, anu ngacik tan
linuwih, anu medal tanpa asal, anu aya bari ngayakeun. Kalayan sugrining puji
rowuh Sukur ka Mantennna, Alhamdulillah ku Rohmat na Urang tiasa patepung
lawung dina ieu tmpat. Solawat sinareng
salam hayu urang sami-sami kocorkeun ka Rosul pamungkas jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad saw, ka kulawargina katut
ka para Sohabatna.
Hadirin anu
Mulya,
Dina wanci nu
munggaran simkuring seja ngedal hatur nuhun kana kasumpingan bapa miwah ibu
kana ieu haplah, kalih hadirin sadaya anu parantos ngarojong kana lumangsungna
ieu kagiatan kalayan lungsur langsar,
teu hilap ka sakumna tamu uleman anu parantos sumping, mugiya wae calikna urang
di ieu tempat tiasa manjangkeun tali
Silaturrahim urang, kalayan aya dina Ridhona Allah swt.
Salajengna,
Simkuring salaku wawakil ti Paguyuban Mahasiswa
Sastra Sunda, Kapeto damel kedah ngadugikeun amanah, cumarios kumawantun di
payun bapa kalih ibu sadaya, kumargi kitu sateuacana simkuring seja nyuhun apun
ngedal hapunten ka hadirin sadaya, boh bilih dina ieu cumarios teh seueur
lepatna, ieu mah mung etang-etang diajar nambihan kawantun.
Hadirin Hormateun simkuring,
Upami ningal kaayan sunda zaman kiwari, nya hirup
dina zaman Globalisasi nu antuk na gampang asupna budaya deungeun kana
kahirupan urang, numatak peryogina urang alat panyaring pikeun kaayaan jaman
ayeuna. simkuring sok emut kana hiji ungkara anu uni na “Nanjeurkeun titincakan
kana Budaya, nyarepeng pageuh kana ajaran Agama”.
Saupami dipesek eta ungkara teh ngagaduhan siloka anu
kacida jerona, lantaran miboga ajen
inajen pikeun atikan tur pedoman keur hirup manusa. Kumaha saurna? Dina kalimah
nu ka hiji nyebatkeun yen urang kudu nanjeurkeun titincakan urang kana Budaya,
nyatana Budaya Sunda. Hartos urang kudu ngamumule, ngajagi, tur ngariksa budaya
karuhun urang pikeun jadi ajen inajen sangkan hirup tingtrim di dunya.
Salajengna aya kalimah nyarepeng pageuh kana ajaran
Agama. Tah dina ungkara nu eta nyebatkeun yen urang hirup di dunya kudu patuh
kana ajaran Agama, lantaran dina elmu Agama masihan pangaweruh ka urang sadaya
pikeun ngajalankeun Parentah Allah tur ngajauhkeun diri tina maksiat, tah eta
teh anu disebat Taqwa tea. Tangtosna dina bab Agama gunana pikeun marentahkeun
urang supaya ibadah ka Allah, sangkan bagja di Akherat.
Ku kituna simkuring umajak, hayu urang sami-sami
silih asih, silih asah, silih asuh, dina raraga ngamumule Seni, Basa, katut
Budaya Sunda, dina jalan bebeneran. Minangka panutup catur simkuring seja
amitan, hapunten anu kasuhun,. Bobo sapanon carang sapakan Cag !
Wassalamu’alaikum wr.wb.
�JR
Naskah
Biantara
Dina Raraga Diskusi
Budaya
Ahmad Rijal

Selasa, 02 April 2013
Ancemon
Ancemon
Ancemon
Ancemon
Ancemon Gula batu digulaan
Awas Bom Batok
Awas Bom batok
Rebu-rebu randa montok
Leumpangna dicentok-centok
Golewak kana ti kotok
Ancemon
Ancemon
Ancemon Gula batu digulaan
Awas Bom Batok
Awas Bom batok
Rebu-rebu randa montok
Leumpangna dicentok-centok
Golewak kana ti kotok
Fiksi Mini
Hileud Hejo
Rebun-rebun kuring geus aya di buruan imah keur moyan. Reuwas kacida barang nyidik pepelakan ema jeung abah beak ku Hileud hejo. katembong kuciwa jeung kapeurih dina raray Abah. lantaran banda na Leungit ku hama.
Rebun-rebun kuring geus aya diburuan imah keur moyan. Reuwas kacida barang nyidik Hileud Hejo lain ngan saukur ngahakan pepelakan Ema jeung Abah, ayeuna hileud hejo teh beuki sarakah ngagorotan Gunung tempat ulin kokoleceran kuring jeung babaturan. Ngahakanan batu, taneuh, katut keusikna.
Langganan:
Postingan (Atom)