PEREPET JENGKOL
Perepet Jengkol
diwangun ku dua kecap. minangkana sagala nu aya di dunya teh ngagaduhan
papasangan, aya siang sareng wengi, istri sareng pameget, bumi sareng
langit, jeung nu sajabana, sadayana mung kagungan Guusti Allah.
Kecap Perepet
mangrupikeun sebutan pikeun sora kalakay atawa daun anu geus garing, komo lamun
katepak ku angin sok disada merepet. Kecap Jengkol teh mangrupi salah
sahiiji bungbuahan nu sok dijadikeun lalab, biasana sok di coelkeun kana sambel
goang. Jengkol ngbogaan cangkang hideung tapi lamun di pesek jerona warna bodas
semu koneng, saupamina di tuang biasana sok kaambung bau, sok sanaos kitu
Jengkol mah papada dipikaresep, matak deudeuieun keur nu resep mah.
Saupamina di guar
kecap Perepet Jengkol ngagaduhan Siloka nu kacida jerona, saupamina di
titenan tiasa ngagaduhan hartos : “Sakur anu lalampahan kagorengan mah pasti
bakal di omongkeun ku batur, bakal merepet caritana ka saha wae siga bau na
Jengkol pasti bakal ka angseu ku batur. Tapi satiap omongan teh kudu aya bukti
na, ulah apal ceuk batur nu balukarna jadi Pitnah”.
Tuluy urang ulah
nyebutkeun Jengkol teh bau lamun can apal rasana, sami sareng urang ulah nyebat
batur goreng sateuacan apal eusi hatena.
Kaulinan Perepet
Jengkol kudu di ulinkeun jeung batur, teu bisa sorangan. Hal eta ngajenan
barudak sangkan hirup sauyunan silih asih silih asah silih asuh, silih
ngabutuhkeun papada jalma. Kaulinan ieu pikeun barudak lalaki, nu diwangun ku
tiluan. Masing-masing barudak nyekelan leungeun bari patukang-tukang, suku
katuhu budak nu kahiji diangkat tuluy dikaitkeun kana leungeun ditukangeunnana.
Suku budak nu kadua di kaitkeun kana suku budak nu kahiji, suku budak nu katilu
ngonci suku nu lianna. Tuluy leungeunna di leupaskeun bari
muter ka belah kenca jeung dilaguan ku kakawihan barudak : “Perepet
jengkol jajahean, kacepet kohkol jejeretean”. Dugi ka aya nu labuh.
Buku Acuan :
Tina Buku Peperenian Basa Sunda
Tidak ada komentar:
Posting Komentar