BASA TÉH PANGANTEUR BUDAYA
Ku: Ahamad Rijal Nasrullah
Mahasiswa Sastra Sunda Unpad
Di Jepang mah
bulan Oktober téh keur meujeuhna usum gugur. Sanajan panon poé mencrong di
langit, hawa di Jepang mah karasa tiris jeung seger kana awak. Dangdaunan jadi karonéng
lantaran sésa musim panas di bulan Séptémber katompernakeun. Antukna kembang-kembang
jeung dangdaunan sarwaning tutuwuhan jaradi konéng emas. Anu moal lila deui malugaran
tina tangkalna. Utamana kembang sakura nu jadi panutan di nagara Jepang, geus
teu aya dikieuna. Ukur watang nu rangéténgna baé. Paré ogé geus siap dipanén, jeung
diarit maké alat canggih nu langsung misahkeun buah paré tina tangkalna.
Jaramina teu langsung diduruk, tapi dibeungkeut rapih tuluy digantung dina
sasampayan di sawah nu gararing.
Lian ti éta,
Oktober ogé disebut bulan budaya. Unggal taun budaya nu aya di dunya
dipintonkeun di unggal tempat, boh di kota gedé atawa kota leutik. Salah
sahijina nyaéta di Kagoshima. Di kota éta ngayakeun acara nu disebut Kagoshima
Asian Youth Art Festival 2015 (KAYAF) nu lumangsung ti kaping 16 dugi ka 20
Oktober 2015. Unggal nagara nu aya di sakuliah benua Asia diangkir pikeun mintonkeun
seni tradisina. Nagara-nagara nu midang dina KAYAF 2015 téh nyaéta delegasi ti
Cina, Hongkong, Indonésia, Malaysia, Filiphin, Thailan, Singapur, Koréa,
Jepang, jeung Amerika Serikat.
Nagara Cina
mintonkeun tari kontemporér jeung seni beladiri wushu. Hongkong mintonkeun
musik orkestra tradisional. Ari Jepang nu jadi tuan rumah mah mintonkeun musik
orkestra. Singapur mintonkeun paduan suara. Salah sahiji lagu nu dihariringkeunana
maké basa Indonésia, nu judulna “Padi”. Thailan mintonkeun tari tradisionalna
nu dipirig langsung ku waditra gamelan khas Thailan. Malaysia ogé mintonkeun
tari tradisional malayu. Filiphina mintonkeun drama musikal kaulinan barudak
bari nyarekel angklung nu asli ti Indonésia. Koréa mintonkeun seni tari
tradisionalna. Ari Amerika Serikat mah mintonkeun musik Jazz.
Dina taun ayeuna
delegasi ti Indonésia diwakilan ku Lisés jeung Fakultas Ilmu Budaya Universitas
Padjadjaran. Dina waktuna wawakil ti Indonésia mintonkeun seni pertunjukan Tari
Topéng Parahiangan Tilu Watak, Tari Ronggéng Panggung, Kawih Mang Kokoan, jeung
Kacapi Suling. Salila lumangsungna acara, unggal délégasi ti tiap nagara ditungtut
pikeun ngawanohkeun budayana. Hususna Indonésia, ngawanohkeun kabudayaan Sunda.
Salasahijina ngawanohkeun seni Kacapi Suling. Di dinya pisan urang kudu bisa
nyarita basa Asing. Boh basa Jepang atawa basa Inggris.
Teu saeutik
nonoman Sunda nu hayang saba mancanagara pikeun ngawanohkeun budayana. Ngan
hanjakal pisan kahalang ku lantaran teu bisa basa Asing. Padahal kasempetan
pikeun ka luar negri téh kacida legana. Urang Sunda, kuduna geus teu bireuk deui
kana basa asing téh. Dina mangsa ngadegna karajaan Kutai jeung Tarumanagara
tangtu ngarti kana basa Sangskerta. Harita basa Sangskerta mibanda fungsi
pikeun ngabungkus kasusastraan India buhun. Utamana pikeun ngagampangkeun dina ngamekarkeun
ajaran agama Hindu jeung Budha di Asia Tenggara umumna, hususna di Nusantara.
Sababaraha bukti titinggal karajaan anu aya dina abad ka-5 M, di antawisna: basa
Sangkerta anu ditulis dina Prasasti Ciaruten di Ciampéa Bogor, Prasasti Kebon
Kopi di Ciampéa Bogor, Prasasti Koléngkak di Bogor, Prasasti Pasir Awi di Ciampéa
Bogor, Prasasti Pasir Muara di Ciampéa Bogor, jeung réa-réa deui.
Robah jaman
robah carita, basa nu digunakeun di Nusantara ganti deui. Nalika VOC asup ka
Nusantara, urang Sunda kudu bisa basa Portugis. Gunana pikeun bisa
ngalancarkeun dina usaha dagang. Lain jalma-jalma nu kapilih ku nagara wungkul
anu lancar basa Portugis dina jaman harita. Tapi nu hirup di basisir laut mah
geus tangtu pada-pada biasa maké basa asing téh, lantaran di dinya loba bangsa
deungeun nu balabuh di darmaga, utama wewengkon Sunda Kalapa nu jadi puseur dagang,
nu kiwari jadi Kota Jakarta.
Mekarna
ajaran Islam ogé ngawarnaan kajembaran basa di Nusantara. Sistem kasultanan nu
ditanjeurkeun saréngséna jaman karajaan mawa pangaruh nu kuat di masarakat
pribumi. Mangpirang-pirang basa Arab loba nu disadur kana basa Malayu jeung
basa Sunda. Dugi ka danget kiwari basa Arab masih digalindengkeun di tatar
Sunda, dina raraga prosés da’wah di unggal wewengkon nu mayoritas ngagem agama
Islam, kulantaran sumber pedoman hirupna diatur dina Al-Qur’an jeung As-Sunnah,
nu dijamin kaaslianana dugi ka ahir jaman.
Teu cukup dugi ka dinya, sawaktu Belanda jeung
Jepang ngajajah Lemah Cai, bangsa urang ogé kudu bisa basa Belanda jeung basa
Jepang. Perang aya di mana-mana, unggal nagara nu aya di sakuliah dunya ngahiji
jeung tantara sekutu. Nya harita kudu bisa basa Inggris sangkan bisa ménta
bantuan. Guna pikeun ngalancarkeun diplomasi sangkan merdika. Dugi ka kiwari
jaman Globalisasi, basa asing beuki ceuyah di mamana. Kaasup nyanghareupan
Masyarakat Ékonomi Aséan, bangsa urang diperedih sangkan bisa ngagunakeun basa
Inggris pikeun persaingan jeung bangsa deungeun dina widang ékonomi. Kitu deui
dina widang Budaya. Dina raraga ngamumulé katut ngamekarkeun basa jeung budaya
Sunda ka manca nagara, tinangtu urang Sunda diperedih sangkan bisa ngagunakeun
basa asing, hususna basa jepang jeung basa Inggris. Geus waktuna bangsa
deungeun mikawanoh budaya urang.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar