Selasa, 04 Agustus 2020

NULIS PEDARAN (BAHASAN)

Nulis Pedaran

Ayeuna urang diajar nulis pedaran. Tapi saméméhna, naha hidep kungsi maca hiji katangtuan nulis pedaran nu hadé? Sangkan tulisan urang hadé, nulisna lancar, sarta kaharti eusina ku nu maca, perlu urang merhatikeun katangtuan dina nyusn hiji tulisan. Pén tengetan ieu sawatara hal penting di handap.

 

(1)      Nangtukeun Téma, Topik, jeung Judul

Téma : pokok pasualan atawa bahan nu rék ditulis (dipedar)

Judul : beungeutna hiji karangan

Upama téma mah ambahan (ruang lingkup) ngeunaan pasualan atawa bahan nu rék ditulis, sedengkeun judul mah pedaran awal (pituduh singget) eusi karangan nu rék ditulis. Téma mangaruhan kana wawasan nu nulis. Leuwih loba maca, nu nulis bakal leuwih loba bahan nu bisa ngadeudeul kana bahan nu rék ditulis dumasar éta téma.

 

(2)      Nangtukeun Téma

Sawatara hal penting sangkan téma nu diangkat gampang dimekarkeunana, di antarana:

a.    ulah nyokot téma nu pedaranana lega teuing

b.   pilih téma nu dipikaresep sarta kira-kira ku bisa dimekarkeun;

c.    pilih téma nu sumber atawa bahan-bahana bacaanana babari dipaluruhna.

Saupama téma geus ditangtukeun, satuluyna dipedar jadi hiji wangun karangan nu ngaguluyur tur sistematis. Salah sahijina ku cara nangtukeun heula judul karangan. Ari judul karangan nu hade nya éta nu ngagambarkeun sakabéh eusi karangan nu rék ditulis.

 

(3)      Nangtukeun Topik - Judul

       Nangtukeun judu karangan

       Nangtukeun naon masalahna, naha, kumaha, di mana, jeung iraha.

       Judul minangka jabaran tina topik.

      Judul leuwih husus (spesifi k) jeung ngagambarkeun masalah atawa variable nu     bakal dipedar

    Judul teu kusu sarua jeung topic. Saupama topik sakaligus jadi judul, sipat éta        karangan biasana umum jeung ambahana leuwih lega.

       Judul ditulis sanggeus ngagarap téma, sangkan kajamin éta judul cocog jeung        eusina;

       Judul nu hade bakal ngirup nu maca neuleuman eusina;

   Judul ngan ukur nyebutkeun ciri-ciri nu pentingna wungkul, nepi ka nu maca bisa ngabayangkeun halhal naon nu bakal kabaca dina éta tulisan.

 

(4)      Sarat judul yang baik

      Judul kudu luyu atawa relevan jeung téma atawa topic

      Judul kudu nimbulkeun kapanasaran jalma hayang maca éta karya

      Judul kudu singget, ulah dina wangun kalimah atawa prase panjang tapi kudu ngawangun kecap atawa beungkeutan kecap nu singget

      Upama kudu nyieun judul nu panjang, ciptakeun judul utama nu singget, tuluy judul tambahan nu panjang.

      Judul ulah provokatif.

 

(5)      Tujuan Nulis

Sangkan teu ka mana-mendi, urang ogé perlu nangtukeun tujuan nulis. Tujuan nulis bisa dirumuskeun, upamana pikeun ngabéjakeun, pikeun manggihkeun, pikeun ningkatkeun, pikeun ngadalikeun, pikeun nganalisis, pikeun nambahan atawa ngurangan, jeung sajabana.

 

(6)      Nagumpulkeun Bahan

Sanggeus nangtukeun tujuan, satuluyna nangtukeun bahan. Rupa-rupa cara ngumpulkeun bahasan tulisan, di antarana maca Koran, majalah, nanyakeun ka narasumber. Cindekna mah unggal panulis ngabogaan cara masingmasing dina ngumpulkeun bahasa nu rék ditulisna.

 

(7)      Milah-milah bahan

Sanggeus boga bekel bahan, tuluy éta bahan téh dipilah-pilah, dipasing-pasing. Pilih mana nu penting, mana nu kudu ditulis leuwih ti heula jeung mana nu dipandeurikeun. Ngan ulah poho, cokot bahan-bahan anu luyu jeung téma karangan nu geus ditangtukeun. Cindekna, catet hal-hal penting, maca dijadikeun hiji kabutuhan, loba diskusi nu positip pikeun nambahan wawasan.

 

(8)      Nyusun Rangkay Karangan

Bekel karangan nu meunang milih téh tuluy disusun dina wangun rangkay karangan. Susun saléngkah saléngkah. Léngkah mana nu rék diheulakeun jeung bahan mana nu rék diasupkeun. Kitu satuluyna nepi ka ngawujud rangkay karangan. Ku cara kitu urang bakal bisa nulis kalawan museur (focus) tur ngaguluyur sarta kaukur.


Wangun Tulisan Bahasan

Cara nuliskeun tulisan bahasan téh rupa-rupa wangunna. Sangan leuwih paham, di handap dipedar wangun tulisan bahasan, di antarana:

a.      Arguméntasi (Persuasi)

Arguméntasi (Persuasi) téh wacana nu eusina ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.

b.      Déskripsi

Déskripsi téh tulisan nu ngagambarkeun objék, tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana.

c.       Narasi

Narasi téh nu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy tur runut.

d.      Éksposisi

Éksposisi téh wacana nu eusina ngajéntrékeun tur medar hiji objék, prosésna, tujuanana jeung gunana.

Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan campuran contona déskripsi jeung narasi atawa narasi jeung arguméntasi. Pikeun nangtukeun hiji tulisan kaasup kana jenis karangan naon, tingali baé sabagian gedé cara nulisna atawa eusina.

 

Maham Struktur Bahasan

Struktur tulisan bahasan diwangun ku bubuka, eusi, jeung panutup. Bubuka minangka bubuka atawa panganteur tulisan. Bisa ku nerangkeun gambaran tempat, nyaritakeun naon-naon anu rék dipedar, atawa nyaritakeun perkara séjén nu patalina jeung bahasan pikeun babandingan.

Bagian eusi mah nyaritakeun inti bahasan. Sedengkeun bagian panutup minangka pamungkas tulisan bahasan. Bisa ku kacindekan, harepan ka hareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari boh nu hadé boh nu goréng pikeun ngirut pamaca.


PERKARA NARJAMAHKEUN

Medar Tarjamahan

Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.

Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana maksud nu dikandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005), wanda tarjamahan téh umumna aya gener, nyaéta:

a.       Tarjamahan interlinéar  nyaéta tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap tina basa aslina. Ieu tarjamahan téh gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal baris, bari teu kudu diajar heula basa sumberna. Umumna wanda tarjamahan interlinéar mah hésé dipikaharti sabab kekecapanana tina basa sasaran tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna.


b.      Tarjamahan formal atawa harfiah nyaéta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran. Wangun basa aslina sabisa-bisa dipertahankeun sanajan sakapeung mah hartina sok karasa kurang merenah dina basa sasaran. Ieu cara narjamahkeun téh ngupayakeun sasaruaan kecap antara basa sumber jeung basa sasaran dina aspék léksikal (kecap) jeung sintaksis (kalimah). Ieu tarjamahan museur kénéh kana struktur lahir.


c.       Tarjamahan dinamis/fungsional nyaéta mindahkeun basa anu mertahankeun ma’na anu dikandung dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran. Aya ogé nu nyebut minangka ‘tarjamahan idiomatis’. Jadi, cara narjamahkeun nu kieu mah daria pisan dina néangan sasaruaan kecap nu wajar jeung pangdeukeutna dina basa sasaran anu bisa ngébréhkeun harti jeung fungsi nu dikandung dina téks aslina. Ieu tarjamahan téh gedé pisan gunana pikeun mikanyaho ma’na, berita, atawa amanat anu aya dina naskah nu ditarjamahkeun.


d.      Saduran nyaéta hasil tarjamahan bébas anu mentingkeun amanat, tapi ngébréhkeunana maké kekecapan sorangan. Nu kaasup wanda ieu  tarjamahan téh aya tilu, nyaéta:

1)      Tarjamahan sastra, anu narjamahkeun karya sastra saperti puisi jeung drama kalawan museurkeun wangun-wangun puisi, konotasi émotif, jeung gaya basa;

2)      Tarjamahan faktual, anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna din widang usaha (niaga) jeung téknologi;

3)      Parafraseu, anu tujuanana pikeun ngawanohkeun eusina dina basa anu hirup jeung gampang dipikaharti, tapi dina prak-prakanana leuwih bébas pikeun ngasupkeun pamanggih pribadi nu narjamahkeun kana naskah.


e.       Tarjamahan budaya nyaéta narjamahkeun ma’na tapi nyaluyukeun jeung kabudayaan sasaran. Mindeng diwuwuhan informasi anu teu kaunggel dina basa sumberna. Disebut ogé ‘napsirkeun deui nurutkeun kabudayaan’. Jadi, eusi tékna diébréhkeun deui maké kekecapan sorangan luyu jeung kontéks kabudayaan nu narjamahkeun jeung nu maca dina basa sasaran ieu tarjamahan.


f.        Tarjamahan otomatis nyaéta ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah tina basa sumber kana basa sasaran. Ku cara ieu pagawéan narjamahkeun téh jadi leuwih énténg. Tapi pakakas pikeun narjamahkeun sacara otomatis téh acan panceg sarta masih terus dimekarkeun napi ka kiwari.



Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber.

Kaedah-kaedah narjamahkeun prosa:

1.      Mahaman eusi teks anu ditarjamahkeun (dima’naan)

2.      Merhatikeun galur carita

3.      Kudu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna atawa paham kana maksud pangarang


Kaédah-kaédah anu ngabédakeun dina narjamahkeun wangun prosa jeung sajak :

1.     Narjamahkeun prosa mah itungannna kalimah per kalimah sedengkeun dina sajak mah kecap per kecap (leuwih bangga)

2.    Dina narjamahkeun sajak henteu cukup modal kamampuh ngagunakeun basa aslina tapi kudu weuruh kana basa sarta budaya hasil tarjamahnna

3.      Anu narjamahkeun sajak mah kudu mibanda pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun metaphor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi.

 

Hal anu kudu diperhatikeun dina prak-prakan narjamahkeun, nyaéta:

a.    kudu satia ana téks aslina sarta kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan atawa ngurangan hal-hal anu penting tina karangan aslina.

b.   Perhatikeun kalawan daria sumanget jeung suasana dina karangan aslina. Upama gayana basajan, tarjamahanana ogé kudu basajan. Upama gaya ték aslina luhur, pek jieun tarjamahanana maké gaya basa anu luhur.

c.  Hasil tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan. Maksudna, kudu ngaguluyur saperti karangan aslina. Tarjamahan téh kudu ngungkabkeun sakur maksud tina karanan aslina, tapi teu ngurangan ungkara-ungkara nu hadé jeung idiomatis.


Narjamahkeun téh kawilang prosés anu kompléks, nu dijerona ngawengku runtuyan kagiatan. Nurutkrun Nida jeung Traber (dina Widyamartaya, 1989), prosés narjamahkeun téh singgetna mah kieu: mariksa (analysis), mindahkeun (transfer), ngawangunn deui (restructuring). Ari wincikanana nyaéta:

a.       Mariksa, dipaké pikeun ngaguar amanat anu rék ditarjamahkeun. Di jerona ngamuat analisis gramatikal (wangun kalimah), jeung analisis semantik boh konotatif boh dénotatif.

b.   Mindahkeun, masualkeun prak-prakanana éta hasil analisis téh dipindahkeun tina basa sumber kana basa tarjamahan, nepi ka ngahasilkeun réaksi anu sarua jeung dina basa aslina.

c.  Ngawangun deui, medar rupa-rupa gaya basa jeung téknik nu bisa dipaké pikeun ngahasilkeun gaya basa nu luyu.