Medar Tarjamahan
Tarjamahan
téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu
nyebut alih basa. Prosés
narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan
papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun
téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi
basana (gaya basa, pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina.
Narjamahkeun téh lain pagawéan énténg, sabab perlu paham kana
maksud nu dikandung dina basa sumberna. Aya sababaraha wanda tarjamahan dumasar
kana cara jeung hal anu museur pikeun ditarjamahkeunana. Nurutkeun Widyamartaya
& Sudiati (2005), wanda tarjamahan téh umumna aya gener, nyaéta:
a.
Tarjamahan interlinéar nyaéta tarjamahan
unggal kecap, dumasar kana runtuyan kecap tina basa aslina. Ieu tarjamahan téh
gunana pikeun mikanyaho wangun jeung susunan kecap dina basa aslina unggal
baris, bari teu kudu diajar heula basa sumberna. Umumna wanda tarjamahan
interlinéar mah hésé dipikaharti sabab kekecapanana tina basa sasaran tapi
susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna.
b.
Tarjamahan formal atawa harfiah nyaéta tarjamahan biasa (tradisional) anu mindahkeun basa
naskah tina basa sumber bari teu merhatikeun kahususan basa sasaran. Wangun
basa aslina sabisa-bisa dipertahankeun sanajan sakapeung mah hartina sok karasa
kurang merenah dina basa sasaran. Ieu cara narjamahkeun téh ngupayakeun
sasaruaan kecap antara basa sumber jeung basa sasaran dina aspék léksikal
(kecap) jeung sintaksis (kalimah). Ieu tarjamahan museur kénéh kana struktur
lahir.
c.
Tarjamahan dinamis/fungsional nyaéta mindahkeun basa anu mertahankeun ma’na anu dikandung
dina basa sumber, sarta merhatikeun kahususan dina basa sasaran. Aya ogé nu
nyebut minangka ‘tarjamahan idiomatis’. Jadi, cara narjamahkeun nu kieu mah
daria pisan dina néangan sasaruaan kecap nu wajar jeung pangdeukeutna dina basa
sasaran anu bisa ngébréhkeun harti jeung fungsi nu dikandung dina téks aslina.
Ieu tarjamahan téh gedé pisan gunana pikeun mikanyaho ma’na, berita, atawa
amanat anu aya dina naskah nu ditarjamahkeun.
d.
Saduran nyaéta hasil
tarjamahan bébas anu mentingkeun amanat, tapi ngébréhkeunana maké kekecapan
sorangan. Nu kaasup wanda ieu tarjamahan
téh aya tilu, nyaéta:
1)
Tarjamahan
sastra, anu narjamahkeun karya sastra saperti puisi jeung drama kalawan
museurkeun wangun-wangun puisi, konotasi émotif, jeung gaya basa;
2)
Tarjamahan
faktual, anu ngutamakeun nganalisis fakta, hususna din widang usaha (niaga)
jeung téknologi;
3)
Parafraseu,
anu tujuanana pikeun ngawanohkeun eusina dina basa anu hirup jeung gampang
dipikaharti, tapi dina prak-prakanana leuwih bébas pikeun ngasupkeun pamanggih
pribadi nu narjamahkeun kana naskah.
e.
Tarjamahan budaya nyaéta
narjamahkeun ma’na tapi nyaluyukeun jeung kabudayaan sasaran. Mindeng diwuwuhan
informasi anu teu kaunggel dina basa sumberna. Disebut ogé ‘napsirkeun deui
nurutkeun kabudayaan’. Jadi, eusi tékna diébréhkeun deui maké kekecapan
sorangan luyu jeung kontéks kabudayaan nu narjamahkeun jeung nu maca dina basa
sasaran ieu tarjamahan.
f.
Tarjamahan otomatis nyaéta ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa hiji naskah
tina basa sumber kana basa sasaran. Ku cara ieu pagawéan narjamahkeun téh jadi
leuwih énténg. Tapi pakakas pikeun narjamahkeun sacara otomatis téh acan panceg
sarta masih terus dimekarkeun napi ka kiwari.
Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an)
kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu
"geulis" jeung "satia". Geulis maksudna
kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina
rakitan wacana sumber.
Kaedah-kaedah narjamahkeun prosa:
1.
Mahaman eusi teks anu ditarjamahkeun (dima’naan)
2.
Merhatikeun galur carita
3.
Kudu luyu jeung eusi/amanat nu nulisna atawa
paham kana maksud pangarang
Kaédah-kaédah anu ngabédakeun dina
narjamahkeun wangun prosa jeung sajak :
1. Narjamahkeun prosa mah itungannna kalimah per
kalimah sedengkeun dina sajak mah kecap per kecap (leuwih bangga)
2. Dina narjamahkeun sajak henteu cukup modal
kamampuh ngagunakeun basa aslina tapi kudu weuruh kana basa sarta budaya hasil
tarjamahnna
3.
Anu narjamahkeun sajak mah kudu mibanda
pangalaman kapenyairan, pangalaman ngaracik kekecapan, pangalaman ngagunakeun
metaphor, pangalaman ulin jeung imaji, jeung pangalaman ngagunakeun diksi.
Hal anu kudu diperhatikeun dina
prak-prakan narjamahkeun, nyaéta:
a. kudu satia
ana téks aslina sarta kudu némbongkeun kajujuran. Teu meunang nambahan atawa
ngurangan hal-hal anu penting tina karangan aslina.
b. Perhatikeun
kalawan daria sumanget jeung suasana dina karangan aslina. Upama gayana
basajan, tarjamahanana ogé kudu basajan. Upama gaya ték aslina luhur, pek jieun
tarjamahanana maké gaya basa anu luhur.
c. Hasil
tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan. Maksudna, kudu
ngaguluyur saperti karangan aslina. Tarjamahan téh kudu ngungkabkeun sakur
maksud tina karanan aslina, tapi teu ngurangan ungkara-ungkara nu hadé jeung
idiomatis.
Narjamahkeun téh kawilang prosés anu kompléks, nu dijerona
ngawengku runtuyan kagiatan. Nurutkrun Nida jeung Traber (dina Widyamartaya,
1989), prosés narjamahkeun téh singgetna mah kieu: mariksa (analysis), mindahkeun (transfer), ngawangunn deui (restructuring). Ari wincikanana nyaéta:
a.
Mariksa,
dipaké pikeun ngaguar amanat anu rék ditarjamahkeun. Di jerona ngamuat analisis
gramatikal (wangun kalimah), jeung analisis semantik boh konotatif boh
dénotatif.
b. Mindahkeun,
masualkeun prak-prakanana éta hasil analisis téh dipindahkeun tina basa sumber
kana basa tarjamahan, nepi ka ngahasilkeun réaksi anu sarua jeung dina basa
aslina.
c. Ngawangun
deui, medar rupa-rupa gaya basa jeung téknik nu bisa dipaké pikeun ngahasilkeun
gaya basa nu luyu.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar