Senin, 28 Oktober 2013

UTS KRITIK SASTRA

FAKULTAS ILMU BUDAYA UNIVERSITAS PADJADJARAN
JURUSAN SASTRA SUNDA
Jalan Raya Bandung-Sumedang Km 21 Jatinangor
------------------------------------------------------------------------------------------------------------


UJIAN TENGAH SEMÉSTER

Mata kuliah                    : Kritik Sastra
Seméster                        : Gasal
Dinten, tanggal                : Rebo, 30 Oktober 2013
Waktu                            : 12.30 s.d. 14.10
Dosén                             : Téddi Muhtadin & Samson CMS


Soal
  1. Dadarkeun kumaha asal-usul munculna ktitik sastra di Barat jeung di Indonésia.
  2. Jéntrékeun kumaha kamekaran kritik sastra Sunda.
  3. Naon nu ngalantarankeun kritik sastra Sunda teu pati mekar?



FAKULTAS ILMU BUDAYA UNIVERSITAS PADJADJARAN
JURUSAN SASTRA SUNDA
Jalan Raya Bandung-Sumedang Km 21 Jatinangor
------------------------------------------------------------------------------------------------------------

LEMBAR JAWABAN
WASTA        : AHMAD RIJAL NASRULLAH
NPM             : 180210120025

1.      Asal-usul munculna kritik sastra di Barat jeung di Indonesia
A.    Munculna Kritik Sastra Di Barat
Dumasar kana buku Kritik Sastra Sebuah Pengantar anu ditulis ku Andre Hardjana diterbitkeun ku PT Gramedia Jakarta taun 1983, nyebatkeun yén Asal-uslna kritik sastra di Barat dibagi kana sababara periode, nyaéta Jaman Yunani jeung Romawi Klasik, Sastra Latin Klasik, Abad Pertengahan, Jaman Renaissance, saterusna Kritik Sastra di Inggris.

I. Jaman Yunani jeung Romawi Klasik
Dimimitian tokoh Yunani nyaéta Xenophanes jeung Heraclitus dina taun 500 saacan Maséhi, anu harita ngajenan karya-karya Homerus nu kasohor tina tulisanna, anu sok nyaritakeun carita nu teu sapantesna, sastra carita bohong ngeunaan para déwi. Plato nyebutkeun yén kajadian éta mangrupa awal tina kritik, anu disebut pertengtangan purba antara puisi jeung filsafat.
Satuluyna penyair komédi Aristhopanes (405 saac Masehi), dina karya-karya na “Katak-katak” anu ngayakeun kritik ka salah sahiji penyair tragédi Euripides nu ngajungjung nilai kasenian, teu siga penyair tragédi nu tibaheulana ngjungjung nilai sosial. Numutkeun tina konsep Xenophanes Kritik anu sok disebut Jaman ayeuna asal-usuulna tina kecap krites anu hartina Hakim, krinein hartina menghakimi, kriterion hartina dasar penghakiman, jeung kritikos anu hartina hakim karya sastra. Dina abad ka IV saacan Masehi aya Tokoh tina kritikos nyaéta Philitas. Anu satuluy na jadi antitase tina kaum grammatikos.

II. Sastra Latin Klasik
Dina Sastra Latin Klasik, istilah criticus jarang pisan dipaké. Tapi aya para pujangga anu ngangkat kagiatan kritik, diantarana nyaéta Cicero jeung Hieronimus dina surat-suratna anu didugikeun ka Longinus. Dina Jaman Sastra Latin Klasik, istilah criticus ditafsirkeun darajatna leuwih luhur batan grammatikus, lantaran kritik leuwih anteb ngagali makna tina hiji kecap. Istilah criticus atawa kritikos pikeun ngadukung kritik sastra (literary crtitic), mangrupikeun jasa ti tokoh-tokoh ahli olah pikir Aristoteles jeung ahli retorika nyaéta Quintilianus.

III. Abad Pertengahan
Dina abad pertengahan di Èropa, leungiteun istilah kritikus, nu aya ngan istilah istilah kritik hungkul, pon kitu deui taya pisan hubunganna jeung karya sastra. Lantaran istilah kritik kawates ngan digunakeun ku kalangan Kedokteran dina istilah krisis, nyaéta ungkara pikeun panyakit anu kritik (critical illness, dina basa Inggris).

IV. Jaman Renaissance di Eropa
Dina seumanget Renaissancce, di Èropa ngabalikeun deui istilah kritik kana makna anu asal, anu di popolerkeun deui ku Polizianus dina taun 1492, tujuan kritikus pikeun ngaréparasi kasalahpahaman tina nasakah-naskah karya pujangga kuno boh tina bahasa Yunani atawa Latin. Erasmus ngagunakeun ars critica seni kritik kana Al-Kitab.
Buku ngeunaan kritik anu pangheulana jeung lengkep anu judulna Criticus ditulis ku Julius Caesar Scaliger (1484-1558). Buku éta mangrupa jilid ka-6 tina rangkaian buku anu judulna Poetica (tata sastra aturan puisi). Dina éta buku ngabandingkeun antara pujangga Yunani jeung Latin.

V. Kritik Sastra di Inggris
Di Inggris dugi ka Jaman Pamarentahan Ratu Elizabeth, istilah kritik tacan di kenal. Diperkirakeun istilah éta digunakaeun dina sastra Inggris dina taun 1605 ku francis Bacon. Satuluyan aya tokoh-tokoh deui anu ngagunakeun istilah kritik di Inggris diantarana Ben Johnson (lerned and charitable critic-1607), Richard Bentley (Phalaris Letters-1697), John Dryden (The State of Innocance-1677) jeung nu lianna. Dina abad ka-18 sering dikenal istilah Criticism, nu akibatna kritik sastra boga kadudukan anu kuat dina widang kaelmuan di Inggris.

B. Munculna Kritik Sastra di Indonesia
Istilah kritik sastra kakara dipikawanoh di Indonesia ti saprak para sastrawan Indonesia meunang pendidikan numutkeun  kana sistem Eropa dina awal abad XX. Anu saacanna ngajénan karya sastra téh dihubungkeun kana kapercayaan, agama, jeung mistik. Nu diantarana katingal tina syair-syair karya Nuruddin ar-Riniri nu diduruk lantaran eusi tina syair na téh bertentangan kana ajaran penyair Hamzah Fansuri, jeung ngabahayakeun kana ajaran agama anu umumna. Diantarana aya oge sastra suluk dina sastra Jawa, siga kitab Darmagandul jeung kitab Gatoloco, bertentangan jeung ajaran agama nu bener, anu sakumaha di dugikeun ku Walisongo. Ngajenan karya sastra samodel kitu leuwih anteb disebut sensor atas sastra.
Sistem pendidikan Eropa nétélakeun yén dunya sastra téh teu kudu salawasna di sangkut-pautkeun kana ajaran agama, kapercayaan, jeung mistik. Ti harita kénéh sastrawan Indonesia neangan hakikat sastra anu sabenerna, pergerakan éta dikenal ku istilah Pergerakan 80 (de Tachtigers) nu dimimitian ti  Belanda. Maranéhna nglancarkeun ajénan-ajénan kana sastra Tradisional jeung boga maksud pikeun pembaharuan dina budang sastra.
Dugi ka taun 1935 istilah kritik sastra tacan kénéh digunakeun, lantaran paur ngarusak kana tetekon sastra Tradisional, jeung leuwih milih kecap penyelidikan sastra, tibatan kritik kasustraan. Sok sanajan kitu para sastrawan geus leuwih jero maham kana harti kritik sastra, komo deui permasalahan ngeunaan karya sastra sok di tulis dina majalah Pujangga Baru. Diantarana nu remen nulis kritik téh nyaéta : Sutan Takdir Alisjahbana, Amijn Pane, M.R Dajoh, Karim Halim, L.K. Bonang, H.B. Jassin, Muhammad Dimjati, jeung Sutan Takdir Alisjahbana.
Muncak na istilah Kritik Sastra satuluyna jadi kokoh téh alpukahna tina usaha H.B. Jsasin, sarengsena nerbitkeun buku Kesusastraan Indonesia Modern dalam Kritik dan Essay, jeung akhirna H.B. Jasin henteu jadi hiji-hiji na anu ngagunakeun kritik sastra satuluyna di teruskeun ki Sarjana-sarjana didikan H.B. Jassin dina Mimbar Indonesia, Siasat, Indonesia Jaya, Budaya, Basis, Harapan, Budaya Jaya, Horison, Sinar Harapan, Kompas, Indonesia Raya, jeung Suara karya.



2.      Kamekaran kritik sastra Sunda.
Kamekaran kritik dina sastra sunda kawilang kurang pisan, sakumaha dijentrekeun dina tulisan Ajip Rosidi dina buku Eundeuk-Eundeukan anu diterbitkeun di Jakarta wedalan Girimukti Pasaka taun 1998. Dina tulusanna anu loba ka pangaruhan ku teori-teori ti Wellek jeung Austin, anu netelakeun yén anu ngabagi lapangan studi sastra téh nyaéta jadi tilu kagiatan, nyaéta : Kritik, Teori, jeung Sajarah sastra.
Dina sapanjang panjajakan sasjarah kasusastraan sunda, anu leuwih punjul nulis dina widang Kritik sastra téh mung Ajip Rosidi, komo deui saparantos nerbitkeun tulisanna buku dina Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Dina éta buku Ajip Rosidi parantos wantun pikeun ngakrtik hal-hal anu patalina jeung ‘Periodisasi Sajarah Sastra Sunda’ anu parantos di tulis ku R.I Adiwijaya, M.A. Salmun, jeung Yus Rusyana. Anggapan ajip rosidi kana kamekaran kritik sastra Sunda ngan saukur dugi kana panalungtikan karya sastra sunda, éta oge saupami aya Proyekan (Rosidi, 1998 : 9-13).

3.      Cukang Lantaran Kritik Sastra Sunda Teu Pati Mekar
a. Kurangna Ahli sastra sunda anu minat kana widang kritik sastra
b. Kurangna panarimaan masyarakat sunda kana karya sastra sunda
c. Kurangna wawasan kasajaraan sastra sunda
d. Jumlah karya sastra sunda teu sabanding jeung loba na masyarakat sunda
e. Panalungtikan   karya     sastra    Sunda lamun    aya proyek hungkul, teu jadi kabutuhan hirupna.


Tidak ada komentar: