Sabtu, 10 November 2012

APRESIASI BUDAYA


APRESIASI SENI JEUNG BUDAYA

A.    Nami Kagiatan                  : Masa Bimbingan Sabilulungan Mahasiswa Anyar 2012
B.     Judul Apresiasi                  : Apresiasi Seni Tarawangsa Rancakalong
C.     Waktos Kagiatan              : Dinten Minggu, Ping 16 September 2012
D.    Panata Calagara                : PAMASS (Paguyuban Mahasiswa Saatra Sunda)
E.     Ringkesan Kagiatan          :
      Tarawangsa mangrupikeun kasenian nu aya di tatar sunda, pangna du bumi Rancakalong Kabupaten Sumedang Provinsi Jawa Barat. Tarawangsa Numutkeun kana bahasa Kirata nyaeta seni “Tatabeuhan Rakyat Wali anu Salapan”, aya oge anu nyebatkeun yen Tarawangsa teh nyaeta seni Narawang kanu Maha Kawasa.
      Kasenian Tarawangsa dipirig ku dua alat kasenian anu silih ngalengkepan nyaeta, Ek ek  jeung Jentreng. Ek ek nyaeta salah sawiyos waditra nu digesek sapertos rebab, di damel na kai tur di ter pulas hideung atanapi pulas Kopi, Ek ek ngagaduhan dua kawat anu ngagaduhan siloka, yen Nu Maha Pencipta nyiptakeun makhluk na dina kayaan papasangan, contona ; aya Istri sareng Pameget,  aya siang sareng wengi, aya bumi sareng langit, jeng sajaba na. Saterasna, Jentreng oge mangrupi waditra anu ngangge kawat, jeg-jreganana sapertos Kacapi mung ngadaguhan Tujuh kawat, eta oge mangrupi siloka upami kawat na di tambihkeun jumlah  na jenten aya salapan, anu hartosna ngagambarkeun jumlah sadaya Walisanga nu nyebarkeun agama Islam di tanah Jawa.
      Dina prak ngahelarkeunana sok diasrengan ku tatarian tur sasaijian katuangan, maksad na pikeun ngalengkepan syarat hajat. Tatrian tarawangasa sok dikawitan ku saehu atanapi saman (pameget) dilajengkeun ku istri, anu tugasna ngalungsurkeun Dewi Sri jeung para karuhun na. Salajengna ngahaturanan kanu hadir di eta tempat helaran kangge ngiring nari. musik ritual  jeung tarian nu di saluyukeun jeung wirahma musik.

F.      Tanggapan
Wanda tarwangsa kaetang sederhana, nanging tiasa di helarkeun tur di lenyepan ku manah sewing-sewangan, disagedengeun ti eta tiasa janten media komunikasi masyarakat pang na tiasa meungkeut silaturahmi. mung nu janten katineung nyaeta taeu acan katingal deui entragan ngora nu janten nuluyken hanca garapan sesepuh. Komo deui dina mayunan globalisasi kiwari, Numutkeun Simkuring seni Tarawangsa mengrupikeun kaseinan anu kedah di lestarikeun, lantaran hal eta nu ngajantenkeun ciciren budaya bangsa.