Minggu, 07 April 2013

Font Aksara Sunda Unicode

Sampurasun,
Hoyong tiasa ngetik aksara sunda dina Leptop? tong hariwang, jaman kiwari parantos aya Font Aksara Sunda Baku Unicode tiasa  gampil di Instal dina Leptop sewang-sewangan.

tiasa di download di dieu :
http://berita95.blogspot.com/2012/09/download-font-aksara-sunda-unicode-for.html

Rabu, 03 April 2013

Naskah Biantara

Dina Raraga Diskusi Budaya
Ku : Ahmad Rijal Nasrullah
       180210120025

Assalamu’alaikum.wr.wb
               Bismillah Fardu Milampah ka Allah nu Maha Welas Asih, pangeran nu murbeng Alam, anu ngacik tan linuwih, anu medal tanpa asal, anu aya bari ngayakeun. Kalayan sugrining puji rowuh Sukur ka Mantennna, Alhamdulillah ku Rohmat na Urang tiasa patepung lawung dina ieu tmpat.  Solawat sinareng salam hayu urang sami-sami kocorkeun ka Rosul pamungkas  jungjunan urang sadaya  nyatana Nabi Muhammad saw, ka kulawargina katut ka para Sohabatna.

                Hadirin anu Mulya,

           Dina wanci nu munggaran simkuring seja ngedal hatur nuhun kana kasumpingan bapa miwah ibu kana ieu haplah, kalih hadirin sadaya anu parantos ngarojong kana lumangsungna ieu kagiatan  kalayan lungsur langsar, teu hilap ka sakumna tamu uleman anu parantos sumping, mugiya wae calikna urang di ieu tempat  tiasa manjangkeun tali Silaturrahim urang, kalayan aya dina Ridhona Allah swt.

               Salajengna,

           Simkuring salaku wawakil ti Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda, Kapeto damel kedah ngadugikeun amanah, cumarios kumawantun di payun bapa kalih ibu sadaya, kumargi kitu sateuacana simkuring seja nyuhun apun ngedal hapunten ka hadirin sadaya, boh bilih dina ieu cumarios teh seueur lepatna, ieu mah mung etang-etang diajar  nambihan kawantun.

                 Hadirin Hormateun simkuring,

         Upami ningal kaayan sunda zaman kiwari, nya hirup dina zaman Globalisasi nu antuk na gampang asupna budaya deungeun kana kahirupan urang, numatak peryogina urang alat panyaring pikeun kaayaan jaman ayeuna. simkuring sok emut kana hiji ungkara anu uni na “Nanjeurkeun titincakan kana Budaya, nyarepeng pageuh kana ajaran Agama”.
            Saupami dipesek eta ungkara teh ngagaduhan siloka anu kacida jerona, lantaran miboga  ajen inajen pikeun atikan tur pedoman keur hirup manusa. Kumaha saurna? Dina kalimah nu ka hiji nyebatkeun yen urang kudu nanjeurkeun titincakan urang kana Budaya, nyatana Budaya Sunda. Hartos urang kudu ngamumule, ngajagi, tur ngariksa budaya karuhun urang pikeun jadi ajen inajen sangkan hirup tingtrim di dunya.
             Salajengna aya kalimah nyarepeng pageuh kana ajaran Agama. Tah dina ungkara nu eta nyebatkeun yen urang hirup di dunya kudu patuh kana ajaran Agama, lantaran dina elmu Agama masihan pangaweruh ka urang sadaya pikeun ngajalankeun Parentah Allah tur ngajauhkeun diri tina maksiat, tah eta teh anu disebat Taqwa tea. Tangtosna dina bab Agama gunana pikeun marentahkeun urang supaya ibadah ka Allah, sangkan bagja di Akherat.
        Ku kituna simkuring umajak, hayu urang sami-sami silih asih, silih asah, silih asuh, dina raraga ngamumule Seni, Basa, katut Budaya Sunda, dina jalan bebeneran. Minangka panutup catur simkuring seja amitan, hapunten anu kasuhun,. Bobo sapanon carang sapakan Cag !

Wassalamu’alaikum wr.wb.
�JR

Naskah Biantara
Dina Raraga Diskusi Budaya
Ahmad Rijal Nasrullah

Selasa, 02 April 2013

Ancemon

Ancemon

Ancemon

Ancemon

Ancemon Gula batu digulaan

Awas Bom Batok

Awas Bom batok

Rebu-rebu randa montok

Leumpangna dicentok-centok

Golewak kana ti kotok

Fiksi Mini

Hileud Hejo

Rebun-rebun kuring geus aya di buruan imah keur moyan. Reuwas kacida barang nyidik pepelakan ema jeung abah beak ku Hileud hejo. katembong kuciwa jeung kapeurih dina raray Abah. lantaran banda na  Leungit ku hama.
Rebun-rebun kuring geus aya diburuan imah keur moyan. Reuwas kacida barang nyidik Hileud Hejo lain ngan saukur ngahakan pepelakan Ema jeung Abah, ayeuna hileud hejo teh beuki sarakah ngagorotan Gunung tempat ulin kokoleceran kuring jeung babaturan. Ngahakanan batu, taneuh, katut keusikna.

Senin, 01 April 2013

Ieu Gambar Mangrupi Desainn anu diajengkeun pikeun janten Raksukann KKL taun 2013, Anu dirarancang ku Ahmad Rijal Nasrullah sareng Krisna Nugraha. Mugya tiasa di Apresiasi. Hatur Nuhun.