Kasusastraan Sunda

SAJAK RINU KEMBANG

Dina Wanci Harita
Aya nu datang nganteurkeun kembang
Campaka bodas ti gunung guntur
Nu lentik kacida disuka
Disempen dina lalanang jagat
Nu boga harepan dina wanci jaga

Dina Wanci Harita
Aya nu datang nganteurkeun kembang
Eros nu euceuy ti Gunung Parahu
Nu hese ngiceupkeun soca
Lalanang jagat na sawangan
harepan dina wanci jaga

Dina Wanci Harita
Aya nu datang nganteurkeun kembang
Lokatmala nu endah ti Gunung Gede
Nu nande ka badan hate
Lalanang jagat kudu milih hiji

Jadi pangantian dina wanci jaga

KAHIRUPAN

Ayeuna Kuring aya
Milihan waktu pikeun hirup
Milih lengkah anu pasti
Nu naker loba kahese
Dina jalan kahirupan
Aya legok aya datar
Aya lempeng aya pangkolan

Dina nyanghareupan hiji susukan
Kuring meuntas walungan tarik cai na
Pikeun ninggalkeun cai kiruh
Kagorengan wanci kamari
Ngahontal mangsa nu datang
Muntang kana pucuk eurih
Nu inggis tisoledat
Kabawa caah lamunan nafsu

Nyanghareupan hiji gunung
Jangkungna kawanti-wanti
Numpukna ibarat dosa
Maksa kuring leumpang
Dina Lamping kagorengan
Amisna kalangkang dunya
Nu pinuh kapalsuan
Nun Gusti tungtun kuring
Dina Jalan nu lempeng

-ARN 20-11-13-

KACAPI

Kacapi,
Lain kaca dina pipi
Lamun ngaca kana pipi
Tinangtu moal kaciri

Kacapi,
Lain kaca dina impi
Lamun ngaca kana impi
Tinangtu moal pasini

Kacapi,
Harti kecap kudu nepi
Lamun kecapna nepi
Tinangtu bakal kaharti

Kacapi,
Kudu ngaca kana diri
Lamun ngaca kana diri
Tinangtu bakal islami

Kacapi,
Cisoca kapeurih ati
Lamun aya kapeurih ati
Gancang geura susuci
Lamun urang geus susuci
Prak geura nepungan Illahi





SAJAK KANGGO BEURIT

Geus teu hayang mulang
Geus teu hayang nenjo
Geus teu hayang ngadenge
Geus teu hayang nincak
Geus teu hayang nyabak
Geus teu hayang ngambeu
Geus teu hayang dibawa
Geus teu hayang diatur 
Geus teu hayang nyicingan
Geus teu hayang nyaho
Kaayaan lemah kuring 
Nu pinuh ku kanyaah
Kana eusi pesak
Ngahakan harta rahayat
Bangsat-bangsat nu nyamuni
Dina balkon-balkon
Karajaan nagri kuring
Sunda Kilen !!!!!!!!!




SAJAK KANYAAH

Teu kedah Salira nginakeun diri
Lantaran abdi nyipta kamulyan ka salira
Teu kedah saira ngarobih kasampurnan diri
Lantaran Allah nyipta kasampurnan kanggo salira


SAHA ANJEUN

Hiji mangsa
dihiji taman simkuring mendakan
hiji buku nu kacida endah na
pulas katumbiri
matak endah katingal na
ditingal tina sampul na mah
buku na teh kalebet buku catetan.
barang dibuka taya hiji-hiji acan
hurup anu ditulis.
iwal nami anu kagungan buku eta.


GUYUR

Ieu sagara tos garing
ngantosan cai 
Ieu rasa ati kuring
ngantosan  nu ngaheman

2 komentar:

Unknown mengatakan...

Lajengkeun jang. HURIP !!

Unknown mengatakan...

Koyk