Senin, 13 Februari 2017

NUJU NAON?


Nuju ngantos ropoh, mapag ajal, bari ngabebetah awak sangkan teu kesel saméméh datangna ajal. Leueut, neda keur nambahan kakuatan, liar indit-inditan ngabebetah awak. Umur gugur unggal waktu, beuki anggang nu dikantun, tambah deukeut nu disampeur, ajal pati gancang nyampeurkeun.
Nuju ngararaoskeun; diurus tilelembut, kalah nungtut butut, dipiara ti bubudak kalah tambah sangsara, datangna panyakit tambah karasa, naon kaboga? Mana hasil beunang usaha? Pakéan genah kapakéna, kadaharan geus teu genah karasana. Tuh, batur geus tuluy! Ngantun, ih geuning naha mulang teu barangbawa? Cul harta teu dibawa, numpuk baju, nu kapaké ngan tilu lapis kaén bodas. Éta bumina gedong segrong hadé dongong meunang hayang, meunang ngagenah-genah cul dikantun kalah ka hayoh nyingkur ka tengah kubur, teu bantal teu kasur, ituh, pangkatna teu kacandak. Éta putrana, bojona, teu milu dikubur, kalah moro kana kakantun, mana hasil kasab nu kabawa?
Éta sobat nu baheula dibélaan, kalah ngirim tambah kasedih maké nyeungceurikan. Aduh! Karunya, teu bisa pamit-pamit acan. Tuh! Teu beunang dibaturan jeung teu aya anu hayang ngbaturan, kumaha atuh diri? Piraku ari taya balesan?
Untung nu taqwa jeung iman nu beunghar ku amal kasoléhan, melang taya kahariwang, sabab bakal tepung rahmat Pangéran nu abadi, sarta leupas tina kasusah sapopoé.
Tapi ripuh nu renjul, masiat teu jujur, maotna ngantunkeun batur, sorangan awak sorangan harta teu kabawa, sobat taya nu haat, kalah atoh mun ni di kantun, basana téh aman euweuh si éta mah, moal ripuh, paéh siéta mah. dikantun Téh kalah ka galumbira, ari diri kalah ka meunang siksa. Réana nu gumbirana nu dikantun tambah gedé dosana, sabab nu ngagumbirakeun téh nu tadina keuna ku kadolimanana mulang tanpa balik deui.
Ah! Kawasna nuju kieu baé. Émut henteu?

(AIS PANGAMPIH)


SIARAN PERSATUAN ISLAM
MAJALAH IBER
NO. 99. TAHUN: IX
SILIH MAULUD 15 1396 
APRIL 15 1976 M