Jumat, 11 November 2016

Tangkal Nangka Di Sakola

TANGKAL NANGKA DI SAKOLA

Tangkal nangka di Sakola jangkungna kira-kira 12 meter. Enya, kawilang pangjangkungna diantara tangkal nangka nu sejen. Beda jeung tangkal nangka di imah kuring, kakara sameter lantaran umurna kareng dua bulan. Nu di sakola mah kurang leuwih kana 10 taun umurna teh.

Dangdaunan lebah puhu watangna harejo kolot, sakapeung aya nu geus pulas cokelat, sakeudeung deui ge bakal galugur. Karunya mah lamun datang usum halodo. Hampir tiap watangna garundul. Daunna narumpuk dina luhur taneuh. Najan kitu, dina tungtung dahan geus mucunghul pucuk daun. Tuluy robah jadi daun hejo ngora. Kitu jeung kitu bae dugi ka gedena eta Tangkal teh.

Tangkal nu hade, tinangtu gumantung kana lemah nu subur. Kidu deui Tangkal Nangka di Sakola. Dipelak dina taneuh nu ngagunung, kalayan dibulen ku taneuh beureum. Antukna tangkal teh tereh gede. Diameterna kurang leuwih 20 cm. Akarna rangeteng nyaliara kana jero taneuh, kalayan meungkeut lamping nu tereh urug.

Handapeun Tangkal Nangka di Sakola, tuwuh mangpirang-pirang jukut nu ngagedod. Aya Galinggang, Babadotan, Eurih, Tulang Hahayaman, Sintrong, Antanan, jeung rea-rea deui. Tapi saupama diantep, jujukutan eta teh bakal ngaruksak kaendahan lingkungan. Saacan katenjo garung, sok gancang dibabad ku tim kabersihan sakola. Tuluy dikumpulkeun, cenan keur parab marmot.

Teu sakabeh jukut dijadikeun paran marmot, sarupaning Antanan jeung Sintrong mah dipisahkeun kana karanjang leutik, tuluy dibawa ka dapur. Babakuna mah dijadikeun Lalab deungeun sangu keur mumuluk.

Dina sela-sela dahan Tangkal Nangka di Sakola teh aya sayang manuk piit. Malah dugi kana sapuluhna. Eta sayang manuk teh tina jajaba jarami pare. Bangunna ti sawah nu teu jauh ti sakola. Dianyam ku manuk piit kana dahan nangka nu gararing.

Nu dianti tina Tangkal Nangka di Sakola nyaeta buahna. Ayeuna bulan November teh geus meujeuhna arasak. Ciri-ciri lamun asak teh nyaeta seungit nangka nu melengseng kaangseu tina kulitna, jeung lamun ditepakan teh sorana ngebluk, nyirikeun aya lolongkrang hawa di jerona.

Buah Nangka nu asak sok gancang diala ku penjaga sakola. Dipurak sarta gancang-gancang disuguhkeun ka guru-guru nu ngawulang di Sakola. Nangka koneng kameumeut balarea. Nu mawa mangpaat ka makhluk nu aya di sabudeureunana. Hatur nuhun gusti.