Minggu, 14 Juli 2013

BUDAYA CIANJUR

PAPAJAR


                Dina mapag bulan romadon, biasana urang sok nguping istilah Munggahan. Istilah eta tos umum dipikawanoh di sakumna urang sunda, mung di Cianjur mah aya istilah sanes dina mayunan sasih saum teh, nyaeta Tradisi Papajar tea. Saleresna kagiatan Papajar teh dina prak-prakannana mah sami, nanging bentenna Papajar mah dihelarkeun saminggu dugi ka sadinten sateuacan kaping 1 Romadon. Salah sawiyos tujuan Papajar teh nyaeta ngaraketkeun Silaturahim boh sakulawrgi atanapi ka deungeun-deungeun.
                Biasana di unggal kampung sok ngahaja ngayakeun botram dina palataran bumina sewang-sewangan, komo upami barudak ngora mah sok ngahajakeun arulin ka sisi basisir laut, nya ari tos dugi kaditu mah sok ngaradon ngaliwet. Meureun dina istilah ayeuna mah Rekreasi atawa Refreshing tea.
                Sarengsena Ujian Akhir Semester 2  Simkuring wangsul ka Cianjur kumargi tos bade lebet kana sasih Shaum. Sadugina di ditu, nya kaleresan dina wengi dinten minggu kaping 6 Juli 2013 baris diayakeun Papajar, di kawitan sarengse Solat isa anu tempatna nyaeta dina Palataran bumi Pun Nini pang na di Kampung Cibuntu Desa Ciharashas Kec. Cilaku Kab. Cianjur. Harita katawis keluarga besar Ema sareng Abah sarumping.
                Dina Papajar ayeuna mah ayeuna mah ayana nu benten, nyaeta Ibu-ibu marasak liwet dina tungku sisi jalan, sedengkeun Bapa-bapana narabeuh Kendang Penca bari di ibingan ku marurangkalih na, simkuring mah maksakeun we niup Tarompet bari jeung teu alus-alus acan ngan saukur ngalengkepan waditra, ngahibur Ibu-ibu anu nuju Marasak Liwet sareng nu aya di sabudeureunnana.
                Sarengsena Liwet asak, tuluy tatabeuhan teh di eureunkeun. Sok we Liwet teh di tamplokkeun kana daun cau, tuluy diarihan ku hihid ngarah teu panas teuing. Teu hilap rencang sanguna oge ditata kana daun cau luhureun liwet na, sajabaning Beuleum Japuh, asin teri, bonteng, Jengkol ngora, peuteuy, goreng jengkol sepi, kurupuk Blek, tumis kangkung, katut daging hayamna, komo jadi parebut  teh kerak liwet garing na, saterasna dituang ku Sasareangan dugi ka seep na.



PAPAJAR

                Saat menyambut Bulan Ramadhan, biasanya kita sering mendengar istilah Munggahan. Istilah itu sudah umum dikenal di seluruh orang sunda, namun di Cianjur ada istilah lain ketika menghadapi bulan Ramadhan, yaitu Tradisi Papajar. Sebetulnya kegiatan Papajar dalam pelaksanaannya sama, namun bedanya Papajar di gelar satu minggu hingga satu hari sebelum tanggal 1 Ramadhan. Salah satu  tujuan Papajar yaitu merekatkan Silaturahim antara keluarga atau saudara yang  jauh.
                Biasanya di setiap Kampung sering mengadakan makan bersama di halaman rumahnya masing-masing, apalagi para pemuda sering memaksakan bermain ke sisi Pantai, setibanya disana hanya sekedar untuk memasak nasi Liwet. Mungkin dalam istilah sekarang yaitu Rekreasi atau Refrehsing.
                Setelah beresnya Ujian Akhir Semester 2 saya memutuskan untuk pulang Cianjur, karena akan memasuki bulan Shaum. Setibanya di sana, kebetulan saat malam minggu tanggal 6 Juli 2013 akan diadakan kegiatan Papajar, yang dimulai setelah Sholat Isa dan bertempat di halaman rumah Nenek saya, tepatnya di kampung Cibuntu Desa Ciharashas Kec. Cilaku Kab. Cianjur. Saat itu dihadiri keluarga besar Ema dan Abah.
                Ada yang berbeda dalam Papajar kali ini, yaitu ibu-ibu memasak liwet di atas tung yang berjajar di pinggir jalan, sedangkan Bapa-bapa memainkan Kendang Penca sambil di iringi ibing Penca oleh anak-anaknnya, saya sendiri sambil belajar meniup Terompet silat, itu pun tidak terlalu jelek di dengar, hanya sekedar untuk melengkapi alat musik, mengibur ibu-ibu yang sedang memasak  Liwet dan yang ada disekitarnya.
                Setelah Liwet matang, kemudian musik dihentikan. Nasi Liwet dituang diatas daun Pisang, setelah itu didinginkan dengan Hihid agar tidak  terlalu panas. Tidak lupa menu makanan juga ditata di atas nasi Liwet, diantaranya Bakar asin Japuh, asin teri, ketimun, jengkol muda, pete, goreng jengkol sepi, Kerupuk Blek, tumis kangkung, dan daging ayam, apalagi yang menjadi rebutan adalah kerak Liwetnya yang renyah, dan akhirnya dimakan bersama-sama hingga habis.

Sarengsena Liwet asak, tuluy tatabeuhan teh di eureunkeun. Sok we Liwet teh di tamplokkeun kana daun cau, tuluy diarihan ku hihid ngarah teu panas teuing. Teu hilap rencang sanguna oge ditata kana daun cau luhureun liwet na, sajabaning Beuleum Japuh, asin teri, bonteng, Jengkol ngora, peuteuy, goreng jengkol sepi, kurupuk Blek, tumis kangkung, katut daging hayamna, komo jadi parebut  teh kerak liwet garing na, saterasna dituang ku Sasareangan dugi ka seep na.

PENERJEMAHAN

Wasta                   : Ahmad Rijal Nasrullah
NPM                    : 180210120025
Jurusan                 : Sastra Sunda

Indonesia subur cai herangna. Ngan loba tingkah polah urang nu olok kana cai, ngabaluarkeun cai beresih beuki langka.
            Naha anjeun pernah merhetangkeun sawaktu ngahurungkeun keran tarik pisan, sedengkeun anjeun segut ngosok huntu? Urang kudu nyaho, yen keran cai nu diantepkeun ngocor teh bisa miceunan cai 9 leter dina samenit atawa 75 leter dina sapoena. Naha anjeun paduli kana bocorna cai dina keran atawa sambungan paralon? Keclakna cai tina keran nu bocor atawa sakabeh sambungan paralon nu diantepkeun teh bisa miceunan cai 1,5 leter leuwih dina sapoena.
            Loba keneh tingkah polah urang nu sok ngolokeun kana cai beresih. Jigana barudak jaman ayeuna mah teu pernah pisan nempo sumur, komo deui cinyusu di pagunungan mah. Cai teh geus ngocor tina keran atawa tinggal dileklek we tina botol.
            Padahal mah nu dileueut teh nyaeta cai herang, sedengkeun ciherang teh nyaeta 2,5% tina sakabeh cai nu aya di ieu jagat. Sesana mangrupa cai laut nu rasana asin. Nasib Indonesia mah kawilang lumayan alus, kaasup diantara saeutik nagara nu ngarasa cukup diguyur hujan gede, kaasup diantara saeutik nagara anu diguyur hujan. Upami ditilik tina hujan tiasa nyeblokeun caina dugi ka 6-10 mm dina sapoe, malah mah leuwih. Indinesia subur cai herangna. Hanjakalna dina wanci usum mijih unggal taunna beda-beda, malah mah nu ngabedakeunana teh eces pisan, antara 41 nepi ka 243 poe dina sataunna teh, komo deui dina wanci ayeuna mah geus kajadian robahna iklim global, cirina nyaeta  dina wanci halodo nu kacida garingna, jeung usum mijih nu kacida becrekna dina hawa nu leuwih panas. Patani ngangluh lantaran panenna luba nu gagal. Resiko banjir leuwih gede kusabab leuwih kurang na keur panyerepan cai.
            Langkana cai nu bersih geus jadi pasualan nu biasa di nagara berkembang, nu dina taun 2025 bisa ngajadikeun ancaman 2,3 miliyar jiwa atawa 30% penduduk dunya di 48 nagara, nu sabagian gedena nyaeta nagara berkembang. Di sagedengeun ti eta, pangabutuh bakal leuwih ningkat dibarengan robahna pola hirup jeung tereh nambahannana penduduk nagara. Sabalikna sasadian teu bisa nambahan, ngan ukur gumantung kana sasadiaan cai nu aya dina jero taneuh. Kajadian ieu bisa ngabalukarkeun harga cai beresih mahal. Lamun dina taun 2010 urang bener-bener kabeulit ku langkana cai beresih, jigana urang kakara bakal malire. Kunaon teu tei ayeuna wae urang paduli jeung rik-rik kana cai? Teu hese ngarikrik cai beresih, dakawitan ti bumina sewang-sewangan.

Jumat, 12 Juli 2013

LPJ Divisi Kesenian


Ø  Divisi Kesenian
# Job Description :
1.   Mengadakan pelatihan seni Suara Tradisional kepada Siswa SD
2.   Mengadakan pelatihan seni Tari Tradisional kepada Siswa SD
3.   Mengoptimalkan penggunaan alat musik Tradisional dari infentaris PKM Sebelumnya
4.   Menyiapkan penampilan untuk pembukaan dan penutupan

# Hal-hal yang telah dilaksanakan
1.   Pelatihan tari Tradisional untuk Siswa SD Nangerang
2.   Mengadakan latihan seni musik kacapi dan seni suara lagu Mojang Priangan
3.   Menyiapkan penampilan untuk Acara Pambukaan dan Penutupan PKM.
# Deskripsi program ( gambarkan pelaksanaan semua program yang di koordinir oleh kesenian dan rundown pelaksanaan )
Proker pertama: (Mengadakan pelatihan seni Suara Tradisional kepada Siswa SD)
Dilaksanakan pada tanggal 25 Mei 2013 bertempat di SD Nangerang Berlangsung dari jam 10.00 WIB hingga Pukul 14.00 WIB.
Proker kedua: (Mengadakan pelatihan seni Tari Tradisional kepada Siswa SD)
Dilaksanakan pada tanggal 4 Mei 2013 bertempat di SD Nangerang Berlangsung dari jam 10.00 WIB hingga Pukul 14.00 WIB.
Proker ketiga: (Menyiapkan penampilan untuk pembukaan dan penutupan)
Penampilan Pebukaan diisi oleh tim kesenian kacapi Sastra Sunda 2012
Penampilan Penutupan di Ambil dari siswa SD Nangerang yang sudah mengikuti Pelatihan lagu Mojang Priangan pada tanggal 25 Mei 2013.

Program keempat: (Mengoptimalkan penggunaan alat musik Tradisional dari infentaris PKM Sebelumnya)
Proker ini belum bisa terealisasikan karena dari divisi kesenian belum ada yang bisa menguasai Alat musik itu, dan sulit menemukan orang yang bisa mengajarkannya.

Beberapa hambatan selama pelaksanaan Menjalankan Program kerja:
1.   Tidak tepat waktu keberangkatan.
2.   Terlalu siang warga banyak yang pulang karena harus ngaji.
3.   Kurangnya komunikasi dengan anggota Divisi
4.   Anggota Divisi belum bisa hadir semua.

# Evaluasi keseluruhan kesehatan beserta saran
            Secara keseluruhan acara kesehatan berjalan dengan lancar. Siswa dan Guru menyambut dengan baikacara ini, Kegiatan Pelatihan seni ini memerlukan perencanaan yang baik dan konsep yang matang, dan komunikasi yang baik. Hemat kami dalam pelaksanaan nanti di persilakan untuk menyusun rundown kegiatan terlebih dahulu, sehinngga pelatihan dapat terjadwal, dan menentukan penannggung jawab dari setiap pelaksanaan Program kerja.

SAJAK

Assalamu'alaikum wr.wb.

Sampurasun
Pun sampun kanu maha Agung
    Bismillah ngedal wiwitan Ka Allah nu maha welas nu maha asih, pangeran nu murbeng alam, anu ngacik tan linuwih anu medal tanpa asal, anu aya bari ngayakeun.

SAJAK GUPAY KATINEUNG
Aya mangsana datang
Aya mangsana miang
Datang dipapag ku gumbira
Miang dijajap ku cimata

Aya mangsana gumbira
Aya mangsana nembragkeun cimata
Gumbira dipapag suka senang
Cimata dijajap ku kamelang

Aya mangsana senang
Aya mangsana melang
Senang dipapag ku makalang
Melang dijajap ku kabimbang


Ranggeuyan sungkeman kaheman
kadeudeuh Bapa, Ibu guru nu moal sirna
nu moal kasilih ku waktu
nu moal perlaya ku jaman
tekad anjeun nu satia
seungitna sumebar di alam dunya




Tilu taun lamina
Abdi sadaya di atik ku pangaweruh
nu mucekil tan linuwih
hatur nuhun ibu,
hatur nuhun bapa,
hatur nuhun ku mangrupi-rupi
kadeudeuh ka kanyaah
nu nyimbutan di ieu sakola

sok emut panyarek ti ibu
sok emut panyarek ti bapa
ku lantaran kabodoan ti abdi sadaya
ku lantaran kakirangan ti abdi sadaya
ku lantaran kahilapan ti abdi sadaya
ku lantaran kabangoran ti abdi sadaya
ku lantaran kaawonan ti abdi sadaya
neda di hapunten tina sadaya
kahilapan, mugiya awur cukup gumulung

Rerencangan sadaya anu waluya
sinar candra nu mencrong wengi tadi
nyimbolkeun kasedih dina mangasa ayeuna
cahya panon poe nu nyaangan marcapada
baris jadi saksi sumanget urang
jentreng kacapi jadi
pangjajap paturay tineung
Kiwari cunduk waktu ninggang mangsana
Mangsa nu diguratkeun ku Pangeran





Abdi miang, ibu
Abdi miang, bapa
najan beurat nyuhun abot nanggung
kabendung ku kasedih
mayunan hirup nu nyata
Abdi miang, ibu
Abdi miang, bapa
Abdi miang neda pidu'a
naraskeun hanca ngahontal cita-cita


Pileuleuyan-pileuleuyan
sapunyere pegat simpay
ayeuna urang papisah
dina mangsa nu ditangtukeun
urang patepang deui
kayaning dina kabagjan
dunya aherat.

amin.
cag.

Rabu, 03 Juli 2013

KATUANGAN



PEREPET JENGKOL

                Perepet Jengkol diwangun ku dua kecap. minangkana sagala nu aya di dunya teh ngagaduhan papasangan, aya siang sareng wengi, istri sareng pameget, bumi sareng langit, jeung nu sajabana, sadayana mung kagungan Guusti Allah.
                Kecap Perepet mangrupikeun sebutan pikeun sora kalakay atawa daun anu geus garing, komo lamun katepak ku angin sok disada merepet. Kecap Jengkol teh mangrupi salah sahiiji bungbuahan nu sok dijadikeun lalab, biasana sok di coelkeun kana sambel goang. Jengkol ngbogaan cangkang hideung tapi lamun di pesek jerona warna bodas semu koneng, saupamina di tuang biasana sok kaambung bau, sok sanaos kitu Jengkol mah papada dipikaresep, matak deudeuieun keur nu resep mah.
                Saupamina di guar kecap Perepet Jengkol ngagaduhan Siloka nu kacida jerona, saupamina di titenan tiasa ngagaduhan hartos : “Sakur anu lalampahan kagorengan mah pasti bakal di omongkeun ku batur, bakal merepet caritana ka saha wae siga bau na Jengkol pasti bakal ka angseu ku batur. Tapi satiap omongan teh kudu aya bukti na, ulah apal ceuk batur nu balukarna jadi Pitnah”.
                Tuluy urang ulah nyebutkeun Jengkol teh bau lamun can apal rasana, sami sareng urang ulah nyebat batur goreng sateuacan apal eusi hatena.
                Kaulinan Perepet Jengkol kudu di ulinkeun jeung batur, teu bisa sorangan. Hal eta ngajenan barudak sangkan hirup sauyunan silih asih silih asah silih asuh, silih ngabutuhkeun papada jalma. Kaulinan ieu pikeun barudak lalaki, nu diwangun ku tiluan. Masing-masing barudak nyekelan leungeun bari patukang-tukang, suku katuhu budak nu kahiji diangkat tuluy dikaitkeun kana leungeun ditukangeunnana. Suku budak nu kadua di kaitkeun kana suku budak nu kahiji, suku budak nu katilu ngonci suku nu lianna. Tuluy leungeunna di leupaskeun  bari  muter ka belah kenca jeung dilaguan ku kakawihan barudak : “Perepet jengkol jajahean, kacepet kohkol jejeretean”. Dugi ka aya nu labuh.

Buku Acuan :
Tina Buku Peperenian Basa Sunda